Ajag Nangtang Jelema
Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét.Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta, geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung.
“Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, “Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . .” pokna deui bari angger babaung.
Sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.
“Duh . . . boro-boro mun bisa lumpat, leumpang ogé geus teu kuat. Seug komo anjeun mah kapan mahluk anu pohara gagahna . . . “
Pohara bungahna ajag ngadéngé omongan peucang kitu téh.
“Ari jeung Si Coréléng?” ceuk Ajag, maksudna hayang ngabandingkeun jeung maung.
“Enya ogé kasebutna raja leuweung . . . kuring mah wani nyekel anjeun . . .”
“Maksudna?”
“Enya . . . lamun téa mah anjeun tarung jeung maung, anjeun nu bakal meunang,” témbal peucang.
“Naha? Kapan geus katotol tukang nekukan sapi . . . munding . . .”
“Sapi jeung munding ditekukan, da puguh teu boga sihung teu boga kuku . . . Ari anjeun? Sihung boga, huntu karuat, kuku sareukeut, awak wedel . . . geus karuhan lumpat mah leceng. Da puguh anjeun mah ditakdirkeun boga awak alus, henteu ngagibleg! Sedeng Si Coréléng mah kapan anjeun gé apal, kalah awak baé nambru ari gawé ngan heuay jeung héés, najan boga sihung gé . . . “
Teu kaampeuh bungahna ajag ngadéngé omongan peucang. Terus babaung némbongkeun huntuna nu ranggéténg. Jurungkunung ngangkat dua sukuna nu hareup, némbongkeun kasombonganana.
“Tapi . . . ,” omong peucang, ngarandeg, “Aya nu leuwih kuat ti anjeun . . .”
“Hah?! Saha? Sato naon? Pok geura sebutkeun!” témpas ajag, mudigdig ambek.
“Jelema,” jawab peucang, leuleuy.
“Baruk jelema . . . Jiga kumaha mahluk nu disebut jelema téh? Sabaraha hiji sukuna? Naha sarua kitu boga sihung jeung huntu karuat jiga aing?”
“Henteu . . . henteu boga sihung . . . henteu boga kuku seukeut, malah sukuna ogé dua . . .”
“Hahahaaa . . .” ajag seuri ngeunah, “Atuh sakali nekuk ogé ngarumpuyuk. Seug komo sukuna dua mah . . . alah naon kakuatanana,” omong ajag, ngéjék.
“Enya ku kitu téa mah, tapi jelema mah boga pakarang nu leuwih ampuh ti sihung.”
“Naon? Naon pakarangna?”
“Akal . . .jelema mah boga akal!” jawab peucang.
“Naon ari akal téh? Naha leuwih seukeut jeung kuat ti huntu jeung kuku aing? . Ayeuna mah montong loba bacot . . . gancang aing tepungkeun jeung nu ngaran jelema,” omong ajag. Awahing ku ambek ngadéngé aya nu leuwih gagah ti dirina, lat baé poho yén manéhna téh keur nyanghareupan kadaharan nu girinyih nyatana peucang.
“Hésé nerangkeunana akal mah. Ayeuna mah hayu baé urang buktikeun,” ceuk peucang.
Peucang kaluar tina rungkun, dituturkeun ku ajag anu teu weléh babaung. Barang tepi ka jalan satapak, paragi liliwatan jelema. Randeg peucang ngarandeg.
“Tah, di dieu jelema téh sok ngaliwatna. Ayeuna mah hayu urang nyumput di nu suni, urang intip ti kajauhan,” ceuk peucang deui.
Peucang jeung ajag nyarumput, buni naker.
“Mana jelema téh! Aing geus teu sabar hayang nekuk . . .” ceuk ajag, kakara gé sup asup kana panyumputan.
Teu kungsi lila rentang-rentang katénjo aya budak leutik leumpang, ngagandong tas, Bajuna bodas-beureum, balik sakola jigana mah.
“Itu jelema téh? Ayeuna siah ku aing digabrug,” omong ajag bari tibuburanjat rék kaluar tina panyumputan.
“His! Lain, lain jelema éta mah!” jawab peucang.
“Geuning ituh sukuna dua . . .” ceuk ajag.
“Lain . . . lain jelema! Éta mah pijelemaeun. Ké, sabar . . .sakeudeung deui gé ngurunyung.”
Sabot budak leungit tina panénjo peucang jeung ajag, rentangrentang témbong aki-aki maké iteuk.
“Itu meureun, nya?” ceuk ajag, awas naker.
“Éta gé lain deuih . . .” témbal peucang, “Tuh, geuning sukuna ogé tilu. Lain jelema, lain!”
“Lamun kitu anjeun ngabohong!” témpas ajag.
“Ké . . . sabar lanan,” peucang angger leuleuy.
Teu sawatara lila, ti kajauhan témbong paninggaran, mawa bedil.
“Tuh, lamun itu enya jelema . . .” omong peucang, “Pék kainyah geura pegat!”
Teu loba omong, gajleng ajag kaluar tina panyumputan muru ka jalan. Ngajega bari babaung di tengah jalan. Barang nénjo aya ajag babaung, paninggaran ngarandeg, rikat ngokangkeun bedilna.
“Aéh, aéh rék narajang siah . . .” ceuk paninggaran. Dorrr! Sora bedil minuhan leuweung. Bareng jeung beledagna bedil, ajag ngudupruk, getih ulaweran. Nguk . . . nguuuk . . .kusek! Harita kénéh ajag paéh. Lantaran jelema mah teu beukieun daging ajag, atuh diantep baé ngajoprak di jalan. Sanggeus paninggaran indit, kurumuy peucang kaluar tina panyumputanana. Nyampeurkeun.
“Matak ogé ulah sombong, asa aing panggagahna . . . “ ceuk peucang bari nokér bugang ajag ku sukuna. Geus kitu mah léos baé indit.

Dicutat tina Buku : Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VII
carita alus pisan jang dicaritakeun deui ka murangkalih pikeun picontoeun hirup.ari hirup teh ulah sok sombong rasa aing..mantaapp
ReplyDelete